tugas bahasa sunda sawer panganten (Neli)
Neli
Yuldaningsih
XI
MIPA 5
Sawér
Pangantén
Sawér nurutkeun Tatang Sumarsono nyaéta
karangan dina basa ugeran nu sok digunakeun dina upacara nyawér. Dina
prak-prakanana nyawér sok ditembangkeun, dikawihkeun, atawa dideklamasikeun.Ari
nu dimaksud sawér pangantén nyaéta sawér nu sok biasa dilaksanakeun dina
upacara kawinan. Ungkara sastra nu sok dihaleuangkeun dina nyawér pangantén aya
nu mangrupa dangding (guguritan) sagemblengna, aya nu mangrupa dangding
disambung ku ungkara sawér anu husus tapi aya anu sagemblengna mangrupa ungkara
sawér baé, nyaéta anu unggal padana diwangun ku opat padalisan tur opatanana
murwakanti tungtungna.
Kekecapan anu dipaké dina nyawér pangantén
, teu sarua jeung nu biasa dipaké dina nyawér budak anu dihitan, tapi dina
duanana pada-para disebut ngaran Batara Guru, Guruputra, Hyang Banga, paradéwa,
para déwata, sing sakur anu jadi kapercayaan Sunda anu ngajaring jeung ngawasa
bangsa manusa.Ditambah jeung nyebut parakaruhun, pandita-pandita, paraolia,
adat kabiasaan urang Sunda ngagumbirakeun manéh sasugema-sugemana.Dina kitab
agama teu aya disebutkeun ngeunaan nyawér, nu aya ukur dina buku karangan
pamaréntah.Jeung sabenerna teu aya hal-hal anu mubadir, misilna duit anu
diawurkeun, pasti aya nu mulung, béas pasti dipacok hayam, tapi teu aya dina
kitab anu nyebut-nyebut Batara Guru jeung pada déwata.
Dina tahap awalna mah sawér ieu téh
mibanda fungsi magistimbul ku sabab kapercayaan kana ayana lelembut-lelembut
jeung kakuatan-kakuatan gaib tur digunakeun pikeun ménta panyalindungan jeung
kasalametan. Fungsi satuluyna pikeun alat atikan, nepikeun papatah-papatah
moral, sosial, jeung kaagamaan, dina kamekaran satuluyna fungsina salaku alat
hiburan.Pagelaran sawér dilengkepan ku rupa-rupa sasajén jeung alat-alat nu
tangtu anu sipatna simbolis turta mibanda ajén ritual.Sawér silib tina rasa
sosial, sejahtera, wekel, jeung sauyunan.Pangantén sabada sungkem dibawa ka
panyawéran.Di panyawéran geus disiapkeun korsi jeung payungna.Fungsi tukang
sawér, panyambung létah kolot pangantén.Caritaanana ditepikeun ngaliwatan lagu,
eusina euyeub ku papatah keur pangantén.Juru sawér ngahaleuang bari ngawurkeun
béas, siksik konéng, jeung duit récéh ka nu lalajo.Contoh Sawer panganten :
//Muji sukur ka Gusti Yang Widi/ Tina bungah
henteu hinggana/ laksana implengan haté/ ka pangersa Nu Agung/ akad nikah
réngsé tarapti/ berkah kurnia Allah/ teu ringrang teu bingung/ ayeuna seja
miwejang/ kagegelan kanggo pangantén sakalih/ malak mandar keur luang//Hal
mamanis teu perlu diwincik/ nu penting mah sual barébédan/ sangkan teu pati
ngajenghok/ tapi teu kudu paur/ da ilahar dina rarabi/barébédan cocoba/ muji ka
nu sanggup/ geus pasini sauyunan/ nyepeng pageuh jangji/ keur méméh
ngahiji//Mun seug dalit enggoning rarabi/ tali asih nganteng éstuning kuat/
taya sual anu hésé/ karuwet mawa maju/ asal akal béngras jeung tarapti/ gogoda
mawa ni'mat/ mun seug pada jujur/ akal jadi hukum rasa/ ayem ulah kejot borosot
teu uni/ pan ngudag kabagjaan//.
Komentar
Posting Komentar