tugas bahasa sunda bajidoran
Wasta : Nur Wasi Na'wa
Kelas : XI MIPA 5
No
Absen : 26
BAJIDORAN
Bajidoran
nyaéta salah sahiji kasenian rahayat anu mekar di daérah laut, kulon Jawa Barat
hususna di daérah Subang jeung Karawang. Gending anu mirigna nyaéta sarupaning
gamelan nu umumna ngagunakeun laras saléndro .
Ieu
kasenian mindeng digelarkeun ku pupuhu atawa pamangku hajat keur mirig kariaan
(kalahiran orok, sunatan, kawinan) atawa acara sukuran jeung sajabana anu aya
kakaitan jeung upacara (hajat bumi, panén, jeung sasambat ngadatangkeun hujan,
bebérésih désa, jeung sajabana). Daya tarik anu ngirut kana ieu kasenian nyaéta
salah sahijina dina tukang ngibingna nyaéta sindén atawa ronggeng , anu
dibarengan ngibingna ku para bajidor (istilah keur jelma anu resep ngibing di pakalangan
atawa anu mesen lagu ka sinden bajidor jeung méré duit sawéran). Ku kituna
kasenian ieu téh dingaranan kliningan atawa bajidoran.
Kecap
bajidor asal-usulna ti daérah Subang, Jawa Barat nu kasohor mangrupa singgetan
tina “barisan jiwa doraka”, nu ngagambarkeun yén anu resep kana kasenian
kliningan atawa bajidoran ieu téh cenderung ngahalalkeun sagala cara dina aréna
pagelaran, mulai tina ngahamburkeun duit, nginum inuman keras, jeung ngarayu
sarta ngéksprésikeun hasrat ka para sindén atawa ronggéng.
Tina
ésistensina, aya tilu golongan kelompok sosial anu ngarojong nyaéta sindén
atawa ronggéng anu jadi daya pamikat dina pagelaran, bajidor anu jadi panongton
anu bakal méré sawéran, jeung pamangku hajat anu ngayakeun pagelaran.
Bajidoran
mimiti dipikawanoh dina taun 1960-an. Demi nu jadi kasang tukangna nyaéta ku
mindeng aya pakaulan jeung loba nu ménta lagu ka Sindén tur beuki meuweuhna
Pamogoran (Jawara nu sok makalangan dina pakalangan kasenian Ketuk Tilu) ngigel
dina acara pintonan Wayang Golék (aya kalana ngaganggu kana garapan poko dalang
Wayang Golek).
Ku
ayana galagat sarupa kitu, nu ngalantarankeun matak “sebér” para Dalang, tug
nepi ka pamustungan para tokoh Dalang waktu harita sapuk mun aya nu nanggap téh
kudu papaitan heula, naha rék nanggap Sindén atawa Wayang Golek? Nya ku sabab
masarakat réa nu mikaresep Bajidoran, antukna éta kasenian téh jadi mandiri,
henteu ngan sakadar bagéan tina kasenian séjén.
Nu
jadi garapan poko kasenian Bajidoran nyaéta pintonan sekar jeung Gending.
Cohagna nu mancén gawé téh nayaga jeung Sinden; nayaga mancén gawé mirig kawih
kapasindénan, ari Sindén mah tangtuna ogé pancénna téh ngahaleuang.
Prak-prakanana
mimiti para wiyaga tatalu, sabada tatalu néma kana lagu bubuka nu diajangkeun
pikeun para karuhun. Lagu nu geus maneuh atawa baku nyaéta lagu Kembang Gadung
jeung Kidung. Sabada mintonkeun lagu bubuka, néma kana mundut lagu. Kawih nu
sok dihaleuangkeun jaman harita nyaéta lagu-lagu nu sok dipaké dina Wayang
Golek, kayaning (Kulu-Kulu Sadunya, Kulu-kulu Bem, Rénggong Anglé, Macan Ucul
Jeung Banja Sinom). Aya ogé Ketuk tilu (Gaplék, Sulanjana, Bardin, Erang,
Kangsreng, Gondang, Polos Jeung Gudril), katut Tayuban (Sonteng, Samarangan,
Sentrong Maja jeung Wani-wani).
Waktu
Sinden mawakeun lagu, Bajidor asup ka pakalangan. Bajidor bisa disebutkeun
papayungna Bajidoran, Bajidor nu ngahirup-huripkeun Bajidoran. Pang kitu, upama
manggung henteu dihadiran ku Bajidor, pasti kana réhé comrékna tur “moal
beubeunangan” téa. Écés pisan, aya patula-patali nu moal bisa “dileungitkeun”
salah sahijina, da puguh mun “leungit”, aya bahan “leungit” duanana.
Komentar
Posting Komentar